Minggu, 10 Mei 2020

PATRA PUSAKA JAGAT NATA


PATRA PUSAKA JAGAT NATA

Saban-saban robah mangsa ganti wanci ilang bulan kurunyung taun, sok mindeng kabandungan jelema, sanajan ngalamun salaput umur, kahayang patema-tema, karep heunteu reureuh-reureuh. dageuning nu bakal karasa mah anging kadar ti pangeran, manusa kadar rencana.
Jaman ayeuna, jaman sangara iprit unggah masjid. Barakasakan di kedok pandeta. Balik ka jaman majapahit. Buka hate lan pikirna ayeuna mangsana masing eling kalawan bukti, masing waspada kalawan laku nyata. Sing tarapti, caringcing sing pageuh kancing, saringset sing pageuh iket. Manuk di pucuk caringin kapanasan, jujukutan kabeulit akarna, buahna niggangan akar pasti. Tong kabobodo tenjo kasamaran tingali tong kawas jelma boloho di beulit oray-orayan, oray nyaan di gareubugan.
Sajadah ngampar di sawah, kopeah dipajang rupa warna, sing kade gobang konsrang. Ulah oge jiga jelema nu hayang disebut sohor ngayak beas, nu badag maloncor, nu lembut nyangsang. Kulantaran sabab caraka jadi bathanga.
Sing jadi jalma anu mulya, sifat mulya nyaeta sadar kana asal usulna, ku halna katungtik lahir bathina, kasasar ragana, kaguar sakujur awakna. Nagajadi apal ka dirina tug neupi ka apal kanu ngusik malikeuna. Neupi ka karampa aib dirina, anu akhirna bakal subur kabijakanana.
Mangsa sarangenge di jati gede meletek geura tingal ka wetan priangan kantun tulisan, ka kidul jati pakuan gararing, ka kaler Pajajaran pudar katutupan sari pati nu teu kaharti, ka turuban ku umbul-umbul simbul. Mana laku nu ngaku jeung umaku seweu siwi siliwing trah pajajaran, mana ciri trah Siliwangi. Mana ancikan para wali, mana tuturus laku ti Rosulullah. Salaku panyampurna kabuhunan.
Ayeuna jaman perang bratayudha. Kulantaran kitu hayu urang masing-masing pentangkeun senjata konta ngaraksukeun kre anta kusumah di mahkota aji wijaya, di geulang kembang cangkok wijaya kusumah. Ulah ringrang direncangan taji sang hyang. Tuh tinggali gunung Pajajaran ngalingkung tapakna kabagi opat. Papagon ciri turunan jati waringin. Tuh ombak laut kidul nu motah nu jadi bukti ciri kabuhunan nu ngandung midjil kasajatian.
Ngan omat anu ngaran satria ulah lanca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina kajeun ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarek satria lamun cacarita nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang teuleuman papatah kolot “Manuk hiber ku jangjangna, Jalma hirup ku akalna”. Ulah nuduh kanu jauh, ulah nyawang kanu anggang, nu caket geura raketan, nu deukeut geura deheusan, moal jauh tina wujud moal anggang tina awak, aya naon jeung aya saha? cirina satangtung diri. pek geura panggihan diri sorangan, ngan ku maneh weh sorangan, ulah waka nyaksian batur saksian heula we diri sorangan.
Cekeul arah kahuripan ku ayana kadalina ajaran agama. Tuduhna firman gusti nu nyatana nu jadi picontoeun, corakna dakwah, raehanna sabda, cirina pepeling, kembangna pituah. Panungtuna usuluddin, panetegna tajridul qolbi, awamna ibadah. Khowasna ubudiyah, syareatna fiqih, hakekatna faqih, tumarimana sholat, lakuna sambehyang, kukuhna teuteupan.

Membacalah agar Kau Mengenal Dunia, Menulislah agar Engkau Dikenal Dunia

  Halo, para penerus gemilang masa depan! Kalian adalah cahaya yang akan menerangi dunia ini dengan impian dan prestasi kalian. Ada dua senj...