PATRA PUSAKA JAGAT NATA
Saban-saban robah mangsa ganti wanci ilang bulan kurunyung taun, sok mindeng kabandungan jelema, sanajan ngalamun salaput umur, kahayang patema-tema, karep heunteu reureuh-reureuh. dageuning nu bakal karasa mah anging kadar ti pangeran, manusa kadar rencana.
Jaman ayeuna, jaman sangara iprit
unggah masjid. Barakasakan di kedok pandeta. Balik ka jaman majapahit. Buka
hate lan pikirna ayeuna mangsana masing eling kalawan bukti, masing waspada
kalawan laku nyata. Sing tarapti, caringcing sing pageuh kancing, saringset
sing pageuh iket. Manuk di pucuk caringin kapanasan, jujukutan kabeulit akarna,
buahna niggangan akar pasti. Tong kabobodo tenjo kasamaran tingali tong kawas
jelma boloho di beulit oray-orayan, oray nyaan di gareubugan.
Sajadah ngampar di sawah, kopeah
dipajang rupa warna, sing kade gobang konsrang. Ulah oge jiga jelema nu hayang
disebut sohor ngayak beas, nu badag maloncor, nu lembut nyangsang. Kulantaran sabab
caraka jadi bathanga.
Sing jadi jalma anu mulya, sifat mulya nyaeta
sadar kana asal usulna, ku halna katungtik lahir bathina, kasasar ragana,
kaguar sakujur awakna. Nagajadi apal ka dirina tug neupi ka apal kanu ngusik
malikeuna. Neupi ka karampa aib dirina, anu akhirna bakal subur kabijakanana.
Mangsa sarangenge di jati gede meletek geura
tingal ka wetan priangan kantun tulisan, ka kidul jati pakuan gararing, ka
kaler Pajajaran pudar katutupan sari pati nu teu kaharti, ka turuban ku
umbul-umbul simbul. Mana laku nu ngaku jeung umaku seweu siwi siliwing trah
pajajaran, mana ciri trah Siliwangi. Mana ancikan para wali, mana tuturus laku
ti Rosulullah. Salaku panyampurna kabuhunan.
Ayeuna jaman perang bratayudha.
Kulantaran kitu hayu urang masing-masing pentangkeun senjata konta ngaraksukeun
kre anta kusumah di mahkota aji wijaya, di geulang kembang cangkok wijaya
kusumah. Ulah ringrang direncangan taji sang hyang. Tuh tinggali gunung Pajajaran
ngalingkung tapakna kabagi opat. Papagon ciri turunan jati waringin. Tuh ombak
laut kidul nu motah nu jadi bukti ciri kabuhunan nu ngandung midjil kasajatian.
Ngan omat anu ngaran satria ulah lanca linci luncat mulang udar tina tali gadang,
omat ulah lali tina purwadaksina kajeun ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe
kedah micarek satria lamun cacarita nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang
teuleuman papatah kolot “Manuk hiber ku
jangjangna, Jalma hirup ku akalna”. Ulah nuduh kanu jauh, ulah nyawang kanu
anggang, nu caket geura raketan, nu deukeut geura deheusan, moal jauh tina
wujud moal anggang tina awak, aya naon jeung aya saha? cirina satangtung diri.
pek geura panggihan diri sorangan, ngan ku maneh weh sorangan, ulah waka
nyaksian batur saksian heula we diri sorangan.
Cekeul arah kahuripan ku ayana kadalina
ajaran agama. Tuduhna firman gusti nu nyatana nu jadi picontoeun, corakna
dakwah, raehanna sabda, cirina pepeling, kembangna pituah. Panungtuna
usuluddin, panetegna tajridul qolbi, awamna ibadah. Khowasna ubudiyah,
syareatna fiqih, hakekatna faqih, tumarimana sholat, lakuna sambehyang, kukuhna
teuteupan.
Geus mangsana kuda beureum napak dina
jalan cagak, rarangkena tujuh mahkota. Peucutna tujuh, Endongna tujuh. Kadalina
opat, nu tumpakna lima, kandangna opat. Pamakannanna opat, parabna dua belas
rupa. Mun kacangcang iring-iringan, mun ngencar abrut-abrutan. Dikendangan engklak-engklakan,
di sawer sosoledatan. Geura kandangan bisik kaburu surup.
Cunduk kana wukuning taun, datang kana
mangsaning wulan, nepi kana jangji pasini, pasang subaya, kuring urang pakampungan
bau lisung lilimbungan, kuring ti padesaan patepian, anu kaoyagkeun ku
geunjleungna jaman anu ngajak hanjat kana hambalan kaluhungan. Kaluhungan
karuhun anu dikeben-keben dipangkring ku kapamalian, ayeuna mangsa ngabuka
silib sindir sindang siloka ka gerewahkeun kasinaran sosorotna jaman.
Sesepuh ti pilemburan jawara ti
patepian anu tara mantra-mantra ka nagara, ayeuna ting gandeuang nembongkeun
tandangna, pagandang-gandang paginding-ginding dina kalangan pusaka. Komo deui
ayeunamah anu ngondang ti pupuhuna pusaka, mani ting korejat, caruringhak
paheula-heula nemonan pangangkirna pupuhuna anu salilana jadi buah kalbuna.
Kuring anu kasebat urang kampung bau
lisung, kagugah jeung kasebet hate jorojoy aya maksud hayang datang kana
pakalangan, tapi ngan saukur dina rasa kulantaran lieuk euweuh-ragap taya, teu
aya kikintun nu sae, kawantos ti pagunungan.
Mung hatur lumayan manawi bahan katampi
sugan sugema kana manah mangga nyanggakeun tutungkusan ti para sesepuh anu
parantos teu aya dikieuna, mangsa nu jadi saksi gunung kunci mangsa diburakna gedong
peteng, ku lantaran geus nincak kana ugana.
“Di mana "Hanjuang" geus
sirungan, "Bitung geus iwungan", nya pelak Embah Sayang Hawu atawa
anu katelah embah Jaya Prakosa anu aya di wewengkon Kuta Maya patilasan Dayeuh
baheula. Mangsa masih ngadegna sumedang larang jadi nagara, mangsa urang sumedang
corengcang, da baheula jalemana patambuar, indit sirib karuli ngadon buniaga di
dayeuh anu katelah bandung ayeuna. Malah kungsi disusulan ku pupuhu lemburna ke
kapala-kapala desana, ngan hanjakal anu nyusul malah teu marulang deui komo nu
disusulna, leungit tanpa lebih ilang tanpa karana.”
Baheula…!!!, Pajajaran anggeus tilem keuna wajah mudu pindah ka sejen
alam! Tapi ayeuna, patula patali jangjina amun anggeus ngadeg deui Raja anu
makuta inyana tina buludru papak, jeung ngaran inyana wawayangan, Pajajaran
teh, baris ngadeg sakali deui.
Patra Pusaka..!
Ayeuna mangsana, amun aya alam genjlong ngabelahna antara kidul jeung
kalerna wetan jeung kulona, mangka tah eta pi tandana pisan Pajajaran ngahudang
wayahna ngaran unggah panggung ngalalakon. Lalakona Matapoe, anu muncur nyampeur
aweuhan, aweuhan jaman mulang deui, pikeun ngamusnahkeun kajayaan arinyana
:
Anu sarakah datang ti wetan, Anu nyarorok datang ti kaler, Anu baradegong
datang ti kulon, Anu naripu datang ti kidul. Tapi masing dia nyaho: Ngadegna
Pajajaran kakalangkangan heula raja panyelang.
Patra Pusaka.
Amun aya raja nitah nuwar eta Pakujajar sadapuran, tah eta pisan tandana
: Raja bakal paeh dipaehan...! Tapi lain ku bangsa Pajajaran ... !
Amun aya raja nitah Pakujajar dijajarkeun jadi papajang taman tengah
Dayeuh anu anyar, Tah eta pisan nya tandana : Anu harita ngadeg raja, Inya na
teh bener titisan Salah sahiji raja Pajajaran... !
Tapi, nagara Pajajaran mah acan ngadeg. Sabab nagarana mudu jadi deui
tegal peperangan.
Pamatri kaasih
tinu asih pamageuh rasa ti pamanah rasa
Raweuy-raweuy ku tangkal kabungahan,
cirina panceur reujeung akarna anu ngajadi dina purwadaksi. Daging kulit gelaran
sukma tina ka awaman kana tingkat khowasna. Meulit ngajadi dina diri reujeung
sanubari, ngaraweuy buahna ngamuara dina rasa. Daunna anu ngajadi papayung
agung pangiuhan tina kapanasan jeung kahujanan. Buahna anu ngaraweuy jadi
landong kanalangsaan jeung kasangsaraan.
Mangsana kudu
silih asih, silih asah jeung silih asuh, Taraje nangeuh dulang pinande, Sing daek
nulung kanu butuh, nalang kanu susah, ngahudangkeun kanu sare, ngajait kanu
titeuleum, mere kanu daek, nyaangan kanu poekeun. Geus meujeuhna ngaji diri
kulantaran moal aya nu apal tapak soang di awang-awang, lamun
ngalangkang ngan teu di sorang. Moal aya anu apal tapak meri dina leuwi lamun
teu disungsi.
Ciri hade ku silih simbeuh silih asah
ku pangabisa, silih asih ku pangarti, silih asuh ku pangaweuruh. Lain harti endog
mapatahan hayam payus, mun hayam nyileungleum dina padaringan, hayam nitah
ngojay hade ka meri wajar mun meri ngojay dina pabinihan, maksudnamah silih
elingan. Anu lain kudu dilainkeun anu enya kudu
dienyakeun, cundu kana waktu kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay panangan.
Ulah taluk pedah jauh tong hoream pedah anggang jauh kudu dijugjug anggang kudu
diteang ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salogak.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar