Asalamualaikum Warohmatulohi Wabarokatuh Bismillah
Alhamdulillah Asolatu Wa salamu Ala Rosulillah Wa ala alihi wasoh bihi wama
walah Wa Lahaula wa lakuwata ila bilah. Ama ba’du.
Puji syukur nu agung ka gusti Alloh nu maha agung, rohmat
miwah salam kawilujengan mugi tetep ngocor ka jungjunan urang sadaya Habibana
wanabiyana Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. ka kulawargina ka para sahabatna tug
dugi ka urang salaku umatna nu tumut kana sunahna ajaranan dugi ka akhir Zaman.
Kaluhur neda papayung, papayung Nu Maha Agung, kahandap
neda pangraksa, pangraksa Maha Kawasa. Ampun ka anu Maha Agung, Nu kagungan Kun
fayakun, ngadeg sakur kersa-Na, Bral gumelar kawasa-Na.
Sajak mangrupa salah sahiji karya sastra anu geus aya.
Carita sajak carita anu di reka ku para bujangga ti jaman baheula tug dugi ka
ayeuna. Sajak oge bisa diartikeun kaasup karya sastra wangun puisi, nyaeta
karya sastra nu ditulis dina wangun ugeran. Ugeran dina sajak beda jeung karya
satra ugeran anu lian, saperti sisindiran, wawangsalan. Ugeran dina sajak mah
dina harti ditulis winangun pada. jumlah
pada jeung padalisanna teu ditangtukeun, jadi sakahayang anu ngarangna.
Sajak dina buku ieu mangrupakeun hasil tina sabarai
ngurus alam marcapada anu tangtuna eusi-eusi sajak dina buku ieu oge
mangrupakeun hasil pamanggihan tina alam, mangka teu aneh lamun sajak-sajak na
ngeunaan alam atawa sajarah baheula. Sajak dina buku ieu mangrupakeun carita
kulantaran sajak-sajakna ngawangun tema.
Simpen papait anu ka tukang nu jadi kamelang, kaseudih
anu kamari, tunggara anu mangkukna, urang dipendem ameh balem, urang simpen sing
rikip, ditunda jeung diecagkeun, moal di teang, moal di ingeutan, meunggeus
wayahna nyampeur kabagja anu katunda, meunggeus wayahna ninggali kahareupna,
ajeg nangtungan hirup jeung kahirupan, ngabageakeun anjeun anu aya, anjeun anu nyanghareup, anjeun anu aya sajeroning
rasa.
Luber kana jangji anu pasini mangsa tahun 2016 di bulan
mei, tong aya gantar kakaitan, manglayang anu jadi pasini pakaitna ati dina
mangsa kamari, di panustungan ku gunung gede pangarango anu bihari. Tilu cai
dina mangsa kiwari jadi kamalir anu ngahirupan jalmi jalmi, lain kamalir nu
mawa getir jeung gimbir.
Geus wayahna panon poe moncorong, indung beurang geus
nyaangan, gear hate anu hade, heab rasa anu mirasa, hibarna cahya ka sakuliah
alam dunya, mawa bagja keur urang sararea.
Dina sawatara isuk, dina sawatara wanci haneut moyan, pecat
sawet dina sawatara poe anu keur dilakonan, dina sawatara harepan, dina
sawatara impian, mugi aya dina cageur jeung bageurna, panceg jeung ajegna,
hirup jeung huripna, waluya balarea, gera tandang makalangan marengan caang
jalan pasampangan, sunda geus meujeuh na midang.
Nanging nyakitu, teu weleh aya kakurangan nyaeta mangrupi
kabodoan sareng kakiranganana, kirang elmu panemuna kirang peryoga kirang
pangalaman sareng pamahaman, “Da ngarumasakeun
hirup teu bodo-bodo acan”, upami dina kai mah diangge pamikul bengkung
diangge pangeret bingkeng, lumayan keur pisuluheun. Lumayan ieumah ngan saukur
dogdog pangroyong.
Carita lalampahan Manglayang muru ka gunung
gede, ngalewatan tilu cai Ci Manuk, Ci kapundung jeung Ci Tarum, urang pungkas
ku Kembang tinetik sinebaran sari tutup lawang si gotaka.Untuk yang mau pesen buku ini bisa menghubungi nomor kontak WA. 081220014323


Tidak ada komentar:
Posting Komentar