Haji Hasan Mustafa nyaeta salah saurang ulama nu geus
masagi dina elmu pangaweruhna di bagbagan Agama Islam. nu Ngamaguron di mekah.
salain ka Syekh Nawawi al-Bantani, anjeuna oge maguron ka Syekh Mustafa
al-Afifi, Syekh Abdullah az-Zawawi, Hasballah, dan Syekh Bakar as-Satha, sadaya
guru anjeun nganjrekna di mekah. Haji Hasan Mustofa ninggalkeun paguron-paguronna atawa Mekah dina taun 1882, kulantaran
di angkir ku RH.
Muhammad Musa, penghulu Garut dina mangsa harita. anjeuna
diangkir mulang pikeun jadi panengah atawa ngarengsekeun pacogregan nu di
akibatkeun ku salah paham di anatara ulama-ulama nu aya di garut. neupi ka bisa
di rengsekeun ku bantuan RH. Muhammad Musa. salila 7 tahun anjeuna masihan
wejangan atawa ngajar bagbagan Agama Islam teu berang teu peuting, nu utamana
di Masjid Agung Garut.
Anjeuna oge bisa di wilang salah saurang ulama nu kaitung
sabar, wani ngaluarkeun pamadegna jeung teguh dina pamedeganna. anjeuna
nyebarkeun ajaran islam ngaliwatan jadi patugas KUA jeung dina
pertemuan-pertemuan liana. salah sahiji nu jadi muridna nyaeta Kiai Kurdi ti
Singaparna, Tasikmalaya, nu ngabogaan pondok pesantren. Ajaran Islam ditulis
jeung diajarkeun ngaliwatan dangding atawa pantun, sarta guguritan aya oge
ngaliwatan wayang golek. kalolobaanna ngaliwatan nu sifatna khas Sunda pikeun
nyebarkan elmu pangaweruhna. anjeunna nyutat 104 ayat al-Qur’an pikeun urang
Sunda. Jumlah ayat eta dianggap cukup jeung pas pikeun kamampuan urang sunda,
dina ngamaknaan ajaran kaislaman.
Selenting bawaning angin, kolepat bawaning kilat
ceunahmah Aliran nungenaan tasawuf nu dianutjeung nu diajarkeun ka
Murid-muridna anjeunna nganut aliran Syattariyah, sala sahiji tarekat nu asalan
ti India, nu di ayakeun ku Syekh Abdullah Asy-Syattar, disebarkeun di Indonesia
sala muasalna ku Syekh Abdur Rauf Singkel, antukna neupi ka Jawa Barat ku peran
Syekh Haji Abdul Muhyi, salah saurang murid Syekh Abdur Rauf Singkel. dian
karyana sering menyebut ngaran al-Ghazali salaku sufi nu di kagumina.
Haji Hasan Mustafa menyebarkan ajaran Islam ngaliwatan
karya-karya senina nu beda jeung karya-karya seni Sunda dina mangsa harita.
umumna anjeunan ngabahas soal katuhanan tasawuf).kitab-kitab suluk dalam bahasa
Jawa salah sahiji karyana, tapi isina ngadekeutan kana sajak-sajak tasawuf.
Karya-karya anjeunna mangrupakeun adumanis atawa paduan tina tanggapan dina
kahirupan sapopoe(Kagiatan), jeung renungan (ngahurung balung), tanggepan Haji
Hasan Mustofa terhadap bermacam-macam pengetahuan yang dikuasainya, sakbeh
karyama yakni dina ajaran Islam, tasawuf, kabudayaan Sunda,jeung kajadian nu
karandapan ku anjeunan ditulis dina huruf pegon tulisan nu ngagunakeun huruf
Arab tapi kata-kata ku bahasa Jawa atau Sunda.
Dangding salah sahiji karyana nu geus ka ceuluk ka
awun-awun, kakoncara kajanatria, anjeun nulis dangding hampir leuwih tiana
10.000 padalisan(bait). nu artianna kacida luhungna tulisan anjeun kalolobaanna
nerangkeun atawa artiannu utamana nerangkeung manusa jeung gustina. nu dicipteukeun
jeung nu nyiptakeun.
Haji Hasan Mustofa bisa oge di sebut salah saurang
pujangga Islam atawa pujangga sunda, kulantaran karaya-karyana nuliskeun
masalah ka agamaan jeung tasawuf dina widang budaya sunda saperti guguritan
jeung pupuh. da teujadi heran mun ajeuna bisa jadi pujangga da anjeunamah masih
sekeseler atawa turunan menak(bangsawan Sunda) jeung ayana di lingkungan pondok
pasantren.
Tulisna ngenaan Haji Hasan Mustofa, di cekapkeun sakieu
langkung saur bade carek, neda hapunteun nu sa ageung-ageungna, ieumah ngan
saukur mohokeun kabodoan simkuring. Cag akh.
Haji Hasan Mustofa (Garut, 1268 H/3 Juni 1852 M –
Bandung, 1348 H/13 Januari 1930)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar