Eling- eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae Raga taya pangawasa
Seni sunda pikeun suluk gambaran siloka diri
Hirup ulah rek ka jongjonan mawa diri sing taliti
Satincak make pikiran, pikiran ieu pepeling
Nyucruk galur ti Karuhun nutur lacak para wali nu nyambung ka balarea. Kalimah di luhur salah sahijipepeling pikeun urang nu ku melendang di alam marcapada, ngeunaan hirup jeung kahirupan nu geus dilakonan, jeung nu eukeur di lakonan sarta nu bakal kalakonan, hirup, hurip jeung hirupna urang nu kumelendang, kabeh oge balik deui ka urang mun ceuk salaha sahiji paribasa mah“Tamiang Meulit Kabitis” .
Kulantaran hirup
teh lir ibarat tamiang meulit kabitis jadi hirup urang oge kudu nete taraje
nicak hambalan, nyukcruk walungan, mapay wahangan, nu kaditunamah malapah
gedang, sok bisik melengkung bekas nyalahan, kulantaran sagal rupa nu di
lakukeun ku urang balik deui ka urang, boh dina ka alusan atawa dina
kagorengan.
Kulantantaran sagala rupa balik
deui ka urang kahirupan urang teu bisa leupas tina nu disebut hukum Karma nu
geus ilahar ku urang dipake. Hukum karma didieu dina lalampaha atawa anu
dilakukeun ku urang, sagala nu dilakukeun, ka alusan jeung kagorengan sakabehna
balik deui ka urang masing-masing. Da pamarentah moal nga hukum komo pangeran,
da nu ngahukumna dirimah lintang ti kalakuan diri sorangan. Melak hade buah
hade, kitu deui melak goreng buahna oge goreng.
Kulantaran kitu, sangkan urang
teu jadi jalma nu rugi pikeun di akherat lakukeun nu kira-kira ngundang amal
hade nu bisa ngabuahkeun sawarga. Lain harti urang ngagawean hiji kalakuan alus
pikeun ngahareupkeun sawarga, da ari sawarga mah akibat tina sebab nu ku urang
dilampahkeun, anjing paeh na jarian paehna ngan semet bilatungan, tapi jalma
paeh disamping bilatungan, bakal panggih jeung hiji balitungan, kulantaran kitu
dari pada di balitungkeun di akherat, nyu urang itung didunya keneh sangkan
bisa sanduk-sanduk jeung menta hampura da engke jagamah hamo bisa menta
hampura, boh kapapada jalam atawa ka pengeran urang.
Hirup, hurip jeung kahirupan,
urang di buana panca tengah, ulah waka suka seuri mun can panggih jati diri
(ceuk hariring), ieu kalimah salah sahiji mangrupakeun dangding pikeun
panginget urang ka purwadaksi (Purwa nu artina wiwitan daksina nu artina
wekasan) atawa ceuk basa modern disebutna intropekesi diri, aya hiji dangding
nu leuwih jero kieu ugelanna :
Gagak ngelak na suhunan, ngahiap ngahayu-hayu
Hayu mulang-hayu mulang pulangkeun kanagara
Nagara nu baheula nagara tanjung sampurna
Nyaeta alam nu teu kaesalang-selang tea, alam padang poe
panjang.
Dina dangding diluhur eta
saeunyana pikeun panginget urang, yen aya alam nu leuwih alus tibatan di alam
dunya, nyaeta alam nu teu kaselang-selang alam pada narawangan molopong jalan
kagedong nyaeta alam akhir alam pangageusan, geusan urang hirup salawasna nu
teu kaselang ku nu ngarana maot, jeung deui dina dangding eta nyaritakeun
untung jeung rugi nu ngaradapan urang keneh sorangan, kulantaran kitu
dina enggoning urang nyanghareupan kahirupan atawa di darmakeun ku pangeran
urang, teu sautik jalma nu geus luar tina rel kamanusaanna.
Tapi parendene kitu genteng ulah
potong, da nu ngana manusa mah sok beunang ku owah gingsir, ngan mun geus inget
gancang sanduk-sanduk, jaeung tapakuran, da moal aya nu apal tapak meuri dina
leuwi lintang ti meurina keneh mah, nya urang oge meureun kudu kana kituna the
da mun lain urang nu nyalametkeun diri urang keneh rek saha deui.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar