Nyukcuk
walungan mapay hawangan, kaditunamah malapah gedang, ieu mah rek mohokeun
kabodoan kuring sorangan tapi amit ampun nya paralun lain rek adean ku kuda
beureum lain mamatahan nitah teuleum kuya di leuwi. Tapi ngan saukur ngalatih
nu aya dina diri.
Hirup
jeung hurip urang dialam dunya, ngansaukur darma nu di kawasakeun atawa
dipercaya, kumelendang dialam marcapada. salaku manusa urang di wajibkeun ta
syakur, ta fakur jeung tong kufur, usahan sarta ikstiar pikeunn yang hareupan
hirup jeung kahirupan sapopoe.
Ulah waka suka seuri mun can
panggih jati diri” hiji kalimat nu ngabogaan arti nu jero sok sanajan remen
kabandungan manusa ngalamun salaput umur, kahayang patemba-temba. anging kadar
pangeran nu bakal tumiba jeung karandapan. urang kumelendang di alam marcapada
ieu dingaranan manusa, bari urang salaku manusana pituin oge teu apal saha ari
manusa?
Ulah
waka urang ngudag ka Pangeranan nu nyiptakeun urang, tapi urang seli
dik nu
ngaran manusa, manusa mahluk nu sampurna di bandingkeun jeung mahluk lianna dina
darajatna. tapi eta oge manusa nu geus bisa ngajalankeun rel kamanusaanna.
manusa oge bisa leuwih handap ti sato darajatna. bukti manusa leuwih sampurna
darajatna ti batan mahluk lian nyaeta ngabogaan rasa jeung perasaan, dibere
akal sarta pikir.
Lamun
conto manusa bisa leuwih handap darajatna ti sato nyaeta, can ngadenge sato
maling jeung kabehna, domba ngaranjah kebon sampeu, ngan ukur nepi ka daunna,
tapi manusa mun ngaranjah ka kebon sampeu sejeroning daunna nya tangkalna di
ruksa di bawa, nepi ka beutina.
Manusa oge bisa di sebut
mahluk gaib, mun aya nu teu percaya yen manusa gaib, yu urang guar mana ari
manusa teh? saha ari manusa teh? jeung dimana ari manusa, yen manusa teh bisa
di di sebut mahluk gaib. kusabab teu apal mana dimana cicingna nu ngaran
manusa. naha di sejeroning awak atawa raga(ujud) atawa sabalikna di saluareun
awak atawa raga(ujud).
Nu matak
aya paribasa jerona laut masih keneh bisa kateuleuman, tapi jerona hate manusa
sok sanajan kalingkung ku wawangun katingker ku papageran tulang dada tapi teu
bisa kateuleuman. kumaha bisa kateuleuman hate manusa da mnusa na oge teu
kapanggih nu mana? di mana cicingna nu ngaran manusa? pantesan aya salah sahiji
ayat nu nyebutkeun yen manusa jeung pangeran teh mun urat beuheung jeung
beuheunamah masih keneh aya jarak. tapi manusa jeung pangerana eweuh jarak.
saking kudeukeut-deukeutna.
Pantesan
aya jalma bijak nyarita mun hayang apal kagustina kudu apal heula kadirina.nu matak
ngajimah ulah nuduh kanu jauh ulah nywang kanu anggang, padahal nu caket geura
raketan nu deukeut geura deuheusan, moal jauh tina wujud moal anggang tina awak.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar