Senin, 24 September 2018

CIRI ORANG SUNDA




Mipit amit, ngala menta, nete taraje, nicak hambalan kadituna malapah gedang, salah sahiji ciri urang sunda. nu geus hamo bisa di rubah sok sanajan dunya robah kayaan. eta sifat alus kacida jadi urang moal kabobodo tenjo kasamaran ningali jeung deui handap asor emang perlu apan pikeun dina kahirupan. moal neupi ka neunggar cadas ceuk paribasan ku malahapah gedangmah, aya salah sahiji conto carita kuring ngeunaan malapah gedang.

Dina hiji poe mangsa nganeut moyan, kuring indit ka dayeuh naik mobil bus, bubuhan panumpang pinuh jadi wae kuring kabagean diuk teh di deukeut panto tukang, kurang leuwih satengah jam bus keur ngageuleuyeung, aya hiji lalaki nyeutop mobil nu keur maju, mobil eureun gajleng si eta lalaki teh luncat ka mobil geuleuyeung mobil maju deui. meruen si eta lalaki teh teu ngarasa yen sukuna nicak kasuku kuring, anteng wae nangtung bari nyarande ka jok korsi deukeut panto pisan. na jero hate ngagerentes beu "piraku suku kuring ka tincak meuni teu karasa". ari ngambek kuring inget sok bisik aparat atawa gegeden : akh rek ditanya heula sangkan teu salah nindakna gerentes kuring bari sukumah nyut nyutan da masih katincak"
nya kuring nanya :


Kuring       : akang' pakasaban janten tentaranya ? (pikir kuring da buukna cepak)
Lalaki        : sanes kang walonna
Kuring       : sok ngersakeun sok usik silat atanapi mempo kang?
Lalaki        : ahk 'heunteu kang biasa wae
Kuring       : oh ari sugan teh (tah apaarat lain usik silat tara gerentes hate)
                    atuh kanu naund padamelan kang?
Lalaki        : ah biasa wae icalan kang walonna' ari kitu kunaund kang?
Kuring       : suku aing katincak (Bari kuring molot da puguh geus apalma
 masih bisa kahontal)
Lalaki        : aduh hapunten teu karaos (bari manehna ngebebenr suku nu nicakna)
Kuring       : waduklah..(heuheuhe wani kasar da geus puguh apalmah bari
  nyeuri ongkoh suku katincak)

Tah didieu perluna malapah gedang teh, kumaha mun eta aparat atawa tukang usik silat, mun kuring langsung nyorongot waduh benjol atuh , tapi da apal tukang dagang digeber wae. kitu panginten emang perluna malapah gedang pikeun nyanghareupan kahirupan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Membacalah agar Kau Mengenal Dunia, Menulislah agar Engkau Dikenal Dunia

  Halo, para penerus gemilang masa depan! Kalian adalah cahaya yang akan menerangi dunia ini dengan impian dan prestasi kalian. Ada dua senj...