RAJAH
RUWATAN GALUNGGUNG
RAJAH
PAMUKA JEUNG PAMUNGKAS
Sampurasun...
Amitan kanu gaduh pangacian anu ngaruncang
Seja ngaguar laratan sungkemeun kana lamunan
Seja ngaguar laratan sungkemeun kana lamunan
Sampurasun karumuhun ka seweu siwi
Siliwangi
Anu murba di Padjajaran gelarna nyebar
wawangi
Simbulna urang teuleuman ku geter
sipatahunan
Simbolna urang tataran ku laratan jeung harepan
Simbolna urang tataran ku laratan jeung harepan
Ngembat laratan katampian pangauban pundung
Pangjiad jeung pangraksa ka hate kapigandrung
Pangjiad jeung pangraksa ka hate kapigandrung
Padungdengan ngabuka tutungkusan nu
kahalang
Kaliliwatan kupipinding na awi ngajadi
karinding
Siloka gumelarna anu nyata atra setra kanti
sukma
Natrat dina batu tulis titis tulis maca uga
na waruga
Bismillah darma bubuka carita tinu nyata
Bi idznillah, Bi fadillah, Bi qudrotillah
Sapun ka pupunclak Agung Pamunjung
Gusti Allah anu maha Agung rumuhung
Siloka mangsa baheula urang guar dina carita
Sindang anu mangsa harita
urang buka ku basa
Darma ngalalana anu gumelar di alam marcapada
Balungbung napak lacak laratan nicak dina pada
Paralun handeuleum tunda anu karuhun
Hancaeun nyatur galur catur anu buhun
Carita anu dicaritakeun puguh dapur walurna
Carita nu teu direka reujeung puguh muharana
Lalakon lawas na carita ayeuna tinggal
ngangresna
Nyukcruk galur cacandran diteang ngan ku
ciptaan
Jangji pasini anu ngajadi Siliwangi rasmining wanci
Jangji pasini anu ngajadi Siliwangi rasmining wanci
Kamari nu leungit seungit nyambuang mashur
pamit
Siloka mangsa harita lalakon sajagad raya
kawentar
Leuweung sancang geus ngarangrangan mawa
kabar
Wangsit di kubur pitutur nepungkeun asma
anu luhur
Lalakon pegat disambung pinuh wawanen teu
takabur
Seungit angin wiwitan wawangina sumebar na
harepan
Mangsa kacapangan Galuh Pakuan pinuh
panineungan
Lemah katresna jati sarakan nandakeun
gumelar babar
Samagaha geus ngiberan ginanjar putra
Pajajaran anyar
Sampurasun ing-sun ka sang rumuhung anu kasarung
Punclut pupunjung anu ngageugeuh Galuh galunggung
Hirab pinasti tepung jabung tumalapung kapigandrung
Manusa anu lain mupunjung kana sariak layung gunung
Cumarita dina wanda padalisan anu di reka carita pujangga
Manggihan uga jatnika mangsa baheula dina sagara ngagurita
Tohaan balarea sariksa gilang gumilang sarta lugina di nagara
Ragragna kecap pandita guru daksina mamala sinatria putra raja
Pun sampun kang sang rumuhun anu
ngageugeuh galunggung
Merbayaksa ka pangersa anu aya di
tataran desa murbawisesa
Galunggung anu jadi kabuyutan muka
carita mangsa katunda
Cinarita dina pantun nu jadi
carita uga guru sukma gelar batara
Batara semplak waja mangsa baheula
purah ngaistrenan para raja
Raja pandita anu ngawasa dirasa ngeunaan kenana dora bancana
Ngajar sangkan urang teu tinemu
lara mala na lunas papa naraka
Pangawasa jadi ciri utama bijilna
ti baga lawan purusa sasakala
Sasakala cinarita mangsa anu
baheula ka selang jaman ayeuna
Rumpakan baheula dina carita
marudahna sagara katalangsara
Baga
purusa jaman ayeuna lain teu boga utama mangsa baheula
Raga titinggal
nyawa mangrupa siloka miraksa alam marcapada
Amit widi neda pangaksami kanu ngawasa sukma
Bubuka carita nu baheula jasad sukma rohing nyawa
Mangsa langit ngait jagat rapak
narimakeun raga kaula
Muka kalimat dina raga metu dada cahya
acining rasa
Ngumbara jeung ngabatara di buana tunggul pawenang
Manik mutiara Sir Cipta Mulia Cipta anu hurung
herang
Bubuka dina siloka uga anu ngaran mata
holang manusa
Ngamuara dina anu di sebut isun kurungan tunggal wisesa
Ngamuara dina anu di sebut isun kurungan tunggal wisesa
Medal ti baba Adam anu ngajadi sareng babu
Hawa
Herang lencana mustika larangan cahya ning
jelema
Asyhadu syahadat bawa ngajadi jagat bathin
manusa
Raga
manusa waluya anu murba di tanah galuh sunda
Pun sapun ka sang rumuhun kanu maha
agung
Paralun ka para karuhun anu aya di galunggung
Bihari mangka widi Ji sim ngaluber kana jangji
Ka bujangga nu harita muka waruga batara
Paralun ka para karuhun anu aya di galunggung
Bihari mangka widi Ji sim ngaluber kana jangji
Ka bujangga nu harita muka waruga batara
Waktuna
nyaangan bisi aya gantar kakaitan
Mangsana nyinglar bisi aya tali ruruhitan
Nempuh jukut rucuk nyorang cugak
Pangnyinglarkeun, Pangmusnahkeun
Mangsana nyinglar bisi aya tali ruruhitan
Nempuh jukut rucuk nyorang cugak
Pangnyinglarkeun, Pangmusnahkeun
Lastari anu di pamrih wanci pasini anu
mustari
Disampurnakeun dina mangsa kiwari
Ngajirim jadi nu utami
Ligarna kembang jayagiri
Tidak ada komentar:
Posting Komentar