Dina saban-saban robah mangsa, ganti wanci, ilang bulan, kurunyung taun, sok mindeng kabandungan manusa sanajan ngalamun salaput umur kahayang patemba-temba karep heunteu reureuh-reureuh, anging kadar pangeran nu bakal karandapan boh hade sumawona goreng, bakal digiring kurung jeung kuring, bakal di bulen saendeng-endeng ngagebleg deui jeung mantena eta oge lamun urangna bisa ngajalankeun hirup jeung huripna, jeung nguda elmu insan kamil mu kamil,(sampurna dina jero sampurna).
Gugupay dina kongkolak mata semu dareuda
Inggis ku diri rempan ku raga dina panglipur rasa
Solendang hariwang nu nyampay matak wekasan
Renghapna amarah nu geus cape nahan harepan
Inggis ku diri rempan ku raga dina panglipur rasa
Solendang hariwang nu nyampay matak wekasan
Renghapna amarah nu geus cape nahan harepan
(Buku Judul " Mantar Sajak" , hlm...)
Kulantaran mikir kadinya, kuring milu kana kajian Haji Hasan Mustofa, (HHM) sugan jeung sugan, aya sasieureun jeung sabeunyeureun, pikeun nambah wawasan atawa bekel enggoning hirup jeung kahirupan lumampah dialam dunya. da urang teh moal langgeng hirup di alam dunya, cirina ujud di tungtut waktu, nyawa di ala kumangsa, diri diciwitan wanci.
Tah kulantaran kitu, mudah-mudah kuring bisa meunangkeun jeung bisa neuleuman inti sari tina ieu karya-karya HHM. ulah nepi ka jati kasilih junti dieunteupan ku owah gingsir,dina pupuh atawa guguritan nu di jerona pinuh ngandung ku papatah-papatah jeung pituah, sangkan kuring lahir kulaning gusti, batin kaulaning maha agung. kukituna tah nuhunkeun pidua'na, mugia pamaksadan simkuring tindekanan
Tidak ada komentar:
Posting Komentar