Sabtu, 14 Juli 2018

DONGENG NU MABOK

Wanci tengah poe ereng-erengan, 2 urang rumaja lalaki tukang mabok, laleumpang bari tingkoloyong siga nu rek sagebrugkeun,,,,.. labuh.!!!!, sejeroning leumpang galecok we ngobrol ngaler ngidul, (ceuk pribasana : da tara aya nu nyebutkeun ngobrol ngetan ngulon..heuhueheu)...keur ngobrol kitu, salah saurang ngareret kaluhur bari mencrong sarangenge (panonpoe),
ceuk:
rumaja nu kahiji : ari itu bulan tah panon poe?" siga panon poenya"
rumaja nu kadua : sia... mah kawas jalma bodo wae, nu kitu mah bulan' lain panonpoe " walon rumaja kadua

rumaja nu kahiji : wah manehmah puguhan panonpoe" maneh nu bodomah"
rumaja nu kadua : sia..mah puguh bulan" wani modar tah aingmah"...bari nyuireung ka baturna'
rumaja nu kahiji : aih maneh wani kaing" ceuk aing Panonpoe" panonpoe' lain bulan

Marebutkeun panon poe jeung bulan nepi ka rek ragot geuleut, ceuk rumaja nu kahiji geus dari pada pasea urang tanyakeun tuh kanu ngaliwat'  rentang-rentang aya jalma nu datang ceuk rumaja  nu kahiji : Kang punten ngiring tumaroslah " mangga aden apami tiasa tangtos diwaler "ceuk eta jelma nu kakara datang. Ceu rumaja kahiji " kang ari itu bulan atawa panon poe? bari rungahringeuh jalma anyar datang ngawalon " aduh punten pisan akangmah jalmi enggal didieuna...nembe kamari ngalihna oge....ahahhaha (aing nu mabok tah maneh kang "ceuk rumaja nu kadua), Aduh duka eta oge teu apal saur akang oge akang nembe didieuna...

Hahhahha ari singhoreng tiluannan oge marabok, ting galoler disisis kamalir deket Imah haji as sani., tah mung sakitu ke di lajengkeun deui wanci kahareup mun masih kaumuran...(heueheueheuheeu lereus teu da pan mati teuapal di wanci, paeh teu apal dimangsa)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Membacalah agar Kau Mengenal Dunia, Menulislah agar Engkau Dikenal Dunia

  Halo, para penerus gemilang masa depan! Kalian adalah cahaya yang akan menerangi dunia ini dengan impian dan prestasi kalian. Ada dua senj...