Kaluhur neda papayung, papayung Nu Maha Agung, kahandap neda pangraksa, pangraksa Maha Kawasa. Ampun ka anu Maha Agung, Nu kagungan Kun fayakun, Jleg ngadeg sakur kersa-Na, Bral gumelar kawasa-Na.
Peun we ah papait ka tukang, kaseudih anu kamari, tunggara anu mangkukna, rek dipendem ameh balem, disimpen cing rikip, ditunda, diecagkeun, moal di teang, moal di ingeut, geus wayahna nyampeur kabagja, geus wayahna ninggali kahareup, ajeug nangtungan hirup, ngabageakeun anjeun anu aya, anjeun anu nyanghareup, anjeun anu aya sajeroning rasa.
Luber kana jangji nu pasini mangsa tahun 2016 di bulan mei, tong aya gantar kakaitan, manglayang nu jadi pasini pakaitna ati dina mangsa kamari, di panustungan ku gunung gede pangarango nu bihari. Tilu cai dina mangsa kiwiwari jadi kamalir nu nu ngahirupan jalmi jalmi, lain kamalir nu mawa getir jeung gimbir.
Panon poe geus moncorong, indung beurang geus nyaangan, gearkeun hate anu aleum, heabkeun rasa anu tiis, bray hibar cahyana ka sakuliah alam dunya, mawa bagja keur urang sararea.
Dina sawatara isuk, dina sawatara wanci haneut moyan, dina sawatara poe anu keur dilakonan, dina sawatara harepan, dina sawatara impian, mugi aya dina cageur jeung bageurna, panceg jeung ajegna, hirup jeung huripna, waluya balarea, prung tandang makalangan marengan caang jalan pasampangan.
Cagh... lalampahan Manglayang muru ka gunung gede, ngalewatan tilu cai Ci Manuk, Ci kapundung jeung Ci Tarum, urang pungkas ku Kembang tinetik sinebaran sari tutup lawang si gotaka
Tidak ada komentar:
Posting Komentar