Selasa, 10 Juli 2018

KADIPATEN (KEADIPATIAN)

Sapertos anu tos kauninga ku para wargi, yen desa kadipaten dipikawanoh kusakumna urang Priangan, mangrupi sahiji desa nu aya di tataran kabupaten majalengka wates jeung kota sumedang, Kumargi simkuring dilahirkeun di kadipaten tur tileuleutik hirup di kadipaten, kalawan ngagaduhan sifat resep tur mikadeudeuh dibareng ku rasa nyaah lembur matuh banjar karang pamidangan asal usul kuring, jorojoy aya emutan hoyong maluruh sajarahna kadipaten, ti iraha .?, taun sabaraha…?, aya desa kadipaten, tur saha anu ngawitan ngulikna ngaran kadipaten..??.


Kuayana eta patarosan-patarosan ngadorong simkuring ngawitan maluruh sajarah desa kadipaten, sok sanaos mung ukur bekel tekad sareng kadeudeuh mulasara desa kadipaten, simkuring nyobi-nyobi nyusun ieu catetan “Sajarah DESA KDIPATEN”, malah mandar aya manfaat kanggo balarea anu sami mikadeudeuh tur mikanyaah lemah cai .

Namung sateu acanna neda agung nya paralun jembar manah pangaksama, rehna tangtos dina ieu catetan sajarah teh seueur kakirangan, boh dina tatabasa, titimangsa oge sajarahna, rumaos tuna pangaweruh dina widangna kalayan bahanna oge mung saukur kengging tetelepek tumaros kapara sepuh sareng para ahli, anu kiwari tos teu aya dikieuna sapalih.

Teu aya deui anu dipihareup, mugi ieu catetan “sajarah” janten hiji panggeuing sareng pangdorong ka para putu urang anu akhli sajarah jeung sastra kapayun, kanggo nyusun hiji buku “sajarah” anu langkung euyeub sareng atra pertela jeung nu sabenerna.

Kukituna bilih bae aya pihak anu bade ngelereskeun, ngirangan oge nambihan timpah tipayun rewu nuhun anu kahatur. Panutup hatur tinu nyusun, sakali deui neda agung cukup lumur jembar pangampura rumaos ku katunaan kumargi simkuringmah teu bodo-bodo acan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Membacalah agar Kau Mengenal Dunia, Menulislah agar Engkau Dikenal Dunia

  Halo, para penerus gemilang masa depan! Kalian adalah cahaya yang akan menerangi dunia ini dengan impian dan prestasi kalian. Ada dua senj...