Ieumah carita ngan saukur catur tanpa bukur, ngarah teu katingali nganggur, nyaritakeun salah saurang TKW nu kakara balik ti Arab, sebat wae namina ceu Esih. Punten bilih aya nu kasebat nami sareng tempat (Carita Fiktif) halah fiktif bae da teu apa sunda naon.
Ceu Esih di lembur kuringmah, kaasup bentang desana, geulis kawanti-wanti endah kabina-bina, mun diteuteup tihareup sieup, mun ditingal titukang lenjang, ditilik tigigir leunggik, soca ceureuleuk, pipi kempot, lambet ipis lir kueh lapis, geulis bawa ngajadi, lain geulis pupulasan (ceuk paribasana). Ceu esih nu kahirupanana teu jauh tikuring, balangsak hirupna eweuh kaboga, kulantaran hayang ngarunjat dina kahirupanna, manehna maksakeun maneh indit ka Arab,ngabelaan cul anak cul salaki, seja ngudag-ngudag dunya kinasihan.
Inditna pasosore, malahan kuring oge milu jajap nepi ka terminal bus jurusan nuka dayeuh, sajajalan ceu esih ngeluk tungkul dijuru panonna katingal ngerembes cilambaan, hatenamah jumerit maratan langit ngoceak maratan jagat, embung papisah jeung kulawarga, tapi da kahirupan , jeung ekonomi nu misahkeunnana, maksa ceu esih pikeun pisah ti kulawargana. Hirup jeung kahirupan urang kumelendang di alam dunya ieu, keur ngbelaan kulawarga nepi ka suku dijeun hulu, hulu dijieun suku (ceuk paribasana), kitu deui jeung ceu esih kulantaran hayang ngarujatkeun ekonomi kulawarga nepi kaluas pikeun bubuara ka nagara deungeun, nu teu apal ngulon ngetanna, mangsa ceu esih rek sajungngeun naek ka mobil gede, manehna ngagabrug kanu jadi salaki, bare cirambayan, bari maneh na pok nyarita "kang kade nitip barudak, sing bisa ngagerohna, da puguh budak urang teh keur mejeuhna bayuanneun", Nya nyai keun sing percanten geulis'akang pasti bisa ngajaga anak urang" walon salakina.
Sanggeus pamitan kasakabeh nu nganteur, jeung nitipkeun kulawargana jung wae ceu Esih asup ka mobil bus, bari dijajapkeun ku cimata nu ngabarabay tinu nganteur nepi kakuring oge ngeclakeun ci mata, kusedih-sedihna, ningali kulawarga nu rek papisah nu sakitu lilana pikeun bubuar di nagara deungeun geusan ngarunjatkeun harga diri, jeung kahirupan, sangeus bus nu di tumpakan ku ceu esih ngabiuss...mangkat, di teuteup nepi ka tungtungna ngaleungit kahalangan ku belokan, sanggeus teu ka tempomah, terus wae baralik ka imahna sewang-sewangan.
Bener ceuk paribasa atawa omongan jalma bijak, waktu mun teu ditunggu cepetna liar jamparing nu dileupaskeun tina gondewa ngabelesat kacida cepetna, 2 tahun kaliwat asa kamari, sadatangna ceu esih ti nagara deungeun, katingal kacida pisan jauh bedana jeung mangsa mangkatna, mangsa mangkatmah manehna baju kucel cirandakdakan pinuh ku cimata, tapi mangsa datangnamah, di biwirna tuleupas ti imut tapi hanjal imut eta di barengan ku rasa angkuh, jeung nyepelekeun ka batur, bubuhann ayenamah geus nanjak dina kahirupanna.
Geus jadi kacapangan ngaran ceu esih nu unggah adat tisaprak balik ti nagara deungeun, teusirikna mun bisamah melak cangkeng oge dina hulu, ceuk paribasana teu inget kapurwadaksi, pakean jiga urang kota make calan pondok atawa calan nu panajang nga ngabeulahna tibitis nepi ka palangkakan, gawena ngan ukur lajag-lejeg nungguan nu garawe di sawahna da ayenamah ngabogaan panyawah, mun ngomong mun teudibarengan jeung santak sengor teh jigana teureuna, tisirikna nuduhkeun teh ku indungsuku, hiji waktu mah ceu esih aya nu nyeukseukkan" Aing oge apal maneh teh di ditu teh ngasakadar jadi babu, tong sok bedegong da lamun benermah diditu moal kawas ayena' deleu si eha ari benermah apan henteu blegblegan kahirupanna" ceuk salah saurang tatangga nu geus jengkel ku tingkah polah ceu esih".
Ceu esihna sorang oge ngarasa aneh ku rubah tingkah polah manehna' nahatena ngagerentes naha beut jadi kieu nya hirup aing' naha pedah baheula sangsara loba nu ngakaya jadi ayena aing males' bari ngaheuruk bari nyegruk ceurik dina bantal, teulila ceurikna manehna cengkat bari ngabebener bajuna, papasosore manehna aya ngadaweung ditepas imahna, bangun nu jauh panineungan, nepi ka kuring "uluk salam ge teu di tembalan" beu meuni jauh eta ngalamun' boa-boa keur nyawang mangsa katung waktu manehna keur bubuara dinagara deungeun (gerentes hate kuring).
Ceu' ieu bade nyanggakeun pacul tilas ngagarap sawah nu di lebah tarisi, (cek kuring bari nyolongkrokeun leungan nu nyekeul pacul), aeh enya cep heueuh nuhun ari geus dipulangkeunmah. bangun nu reuwas ceu esih nembalna, ari eceu kunanaon meuni jiga nu jauh panineungan kitu'ceuk kuring nanyakeun'. ah heuteu cep ieumah nganukur nginget-nginget lalampahan hirup walon ceu esih'
ceu Esih : Cep naha salah nya.. mun jelma hayang sombong 'tanyana ka kuring'
Kuring : aih..duka ceu walon kuring ' tapi ceu, eceuk ustad somad mah salah kalakuan samodel kitu teh' da sombongmah nga ukur milik pangeran da urangmah ngan saukur darma ngalakonan
ceu Esih : enyanya... beu eceu geus jauh kasarad ku owah gingsir'
Kuring : akh..ceu wajar wae da urangmah jalma ceuk paribasa oge bener wae lain malaikat, salah wae da lain setan, urang pos ceu masih sok kaenteupan ku iri dengki, sumawona urang oge sok kaenteupan berehan,
depe-depe handap asor, da etamah geus jadi katangtuan nu teu bisa dipungpang.
ceu esih : jadi reugreug deuilah ari kitumah...eh enya cep, ke peuting ka imahnya euceu hayang di pencetan ari encepmah da teleb mencetna jadi ngareunah'
Kuring : mangga ceu..(walon kuring) bari ngoloyong balik da waktu geus ngagayuh ka mangsa magrib
Carita diluhur mangrupakeun salah sahiji kajadian, tina rebuan kajadian nu aya di alam marcapada
Carita diluhur mangrupakeun carita tilu bagian, tapi can rengse, kakara nepi ka unggah adat, can tepi ka tumarima, (dina bagian tumarimah ceu esih nyaritakeun pangalaman mangsa di nagara tatangga da nepi ka aya gaya-gaya entep sendok, jeung ajul gedang sagala rupa duka tah mangsa keur naon kajadiana)
Rek ningali nu koment heula, ku margi kitu mangga diantos komentna pikeun nasib carita kuring, mun asup nominasi rek dilanjutkeun heueheuehueeheu..... !!!!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar