Rabu, 04 Juli 2018

MANTAR SAJAK - RAJAH RURUMPAKAN

Bismilah ngawitan jabung tumalapung
neda widi maha suci nu maha agung
pangharepan adu manis nu padungdung
sangkan hirup teu pundung ka yang agung

ngumbar lamunan na bangbarung
ngemutan mangsa nu geus kalangkung
sok asa boa kuring geus culangung
komo mun inget dosa kanu jadi indung


timimiti gubrak kadunya kumelendang
mikiran lampah nu bakal datang
jiga nu ngagupayan ngulang-ngulang
sangkan rasa kuring jadi patandang

diri nu jadi ciri, hirup nu ngagalandang
sangkang bisa mulang mawa menang
jangkar sangka nu jadi pamuntangan
da sok inggis ku rempan jeung melang

tapi hate tetep kanu pasti sarta hiji
nu jadi pamuntangan siang jeung wengi
sangkan hirup bisa jadi pasini diri nu pasti
ku lantarana hirup can pasti jiga kamari.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Membacalah agar Kau Mengenal Dunia, Menulislah agar Engkau Dikenal Dunia

  Halo, para penerus gemilang masa depan! Kalian adalah cahaya yang akan menerangi dunia ini dengan impian dan prestasi kalian. Ada dua senj...