Sabtu, 14 Juli 2018

HIRUP JEUNG KAHIRUPAN

éling- éling mangka éling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan baé Raga taya pangawasa
Seni sunda pikeun suluk gambaran siloka diri
Hirup ulah rék ka jongjonan mawa diri sing taliti
Satincak maké pikiran, pikiran ieu pépéling

Nyucruk galur ti Karuhun nutur lacak para wali nu nyambung ka balarea. Kalimah di luhur salah sahiji pepeling pikeun urang nu ku melendang di alam marcapada, ngeunaan hirup jeung kahirupan nu geus dilakonan, jeung nu eukeur di lakonan sarta nu bakal kalakonan, hirup, hurip jeung hirupna urang nu kumelendang, kabeh oge balik deui ka urang mun ceuk salaha sahiji paribasa mah“Tamiang Meulit Kabitis” . Kulantaran hirup teh lir ibarat tamiang meulit kabitis jadi hirup urang oge kudu nete taraje nicak hambalan, nyukcruk walungan, mapay wahangan, nu kaditunamah malapah gedang,  sok bisik melengkung bekas nyalahan, kulantaran sagal rupa nu di lakukeun ku urang balik deui ka urang, boh dina ka alusan atawa dina kagorengan.

Kulantantaran sagala rupa balik deui ka urang kahirupan urang teu bisa leupas tina nu disebut hukum Karma nu geus ilahar ku urang dipake. Hukum karma didieu dina lalampaha atawa anu dilakukeun ku urang, sagala nu dilakukeun, ka alusan jeung kagorengan sakabehna balik deui ka urang masing-masing. Da pamarentah moal nga hukum komo pangeran, da nu ngahukumna dirimah lintang ti kalakuan diri sorangan. Melak hade buah hade, kitu deui melak goreng buahna oge goreng.


Kulantaran kitu, sangkan urang teu jadi jalma nu rugi pikeun di akherat lakukeun nu kira-kira ngundang amal hade nu bisa ngabuahkeun sawarga. Lain harti urang ngagawean hiji kalakuan alus pikeun ngahareupkeun sawarga, da ari sawarga mah akibat tina sebab nu ku urang dilampahkeun, anjing paeh na jarian paehna ngan semet bilatungan, tapi jalma paeh disamping bilatungan, bakal panggih jeung hiji balitungan, kulantaran kitu dari pada di balitungkeun di akherat, nyu urang itung didunya keneh sangkan bisa sanduk-sanduk jeung menta hampura da engke jagamah hamo bisa menta hampura, boh kapapada jalam atawa ka pengeran urang.

Hirup, hurip jeung kahirupan, urang di buana panca tengah, ulah waka suka seuri mun can panggih jati diri (ceuk hariring), ieu kalimah salah sahiji mangrupakeun dangding pikeun panginget urang ka purwadaksi (Purwa nu artina wiwitan daksina nu artina wekasan) atawa ceuk basa modern disebutna intropekesi diri, aya hiji dangding nu leuwih jero kieu ugelanna :

Gagak ngelak na suhunan, ngahiap ngahayu-hayu
Hayu mulang-hayu mulang pulangkeun kanagara
Nagara nu baheula nagara tanjung sampurna
Nyaeta alam nu teu kaesalang-selang tea, alam padang poe panjang.

Dina dangding diluhur eta saeunyana pikeun panginget urang, yen aya alam nu leuwih alus tibatan di alam dunya, nyaeta alam nu teu kaselang-selang alam pada narawangan molopong jalan kagedong nyaeta alam akhir alam pangageusan, geusan urang hirup salawasna nu teu kaselang ku nu ngarana maot, jeung deui dina dangding eta nyaritakeun untung jeung rugi nu ngaradapan urang keneh sorangan, kulantaran  kitu dina enggoning urang nyanghareupan kahirupan atawa di darmakeun ku pangeran urang, teu sautik jalma nu geus luar tina rel kamanusaanna. Tapi parendene kitu genteng ulah potong, da nu ngana manusa mah sok beunang ku owah gingsir, ngan mun geus inget gancang sanduk-sanduk, jaeung tapakuran, da moal aya nu apal tapak meuri dina leuwi lintang ti meurina keneh mah, nya urang oge meureun kudu kana kituna teh da mun lain urang nu nyalametkeun diri urang keneh rek saha deui.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Membacalah agar Kau Mengenal Dunia, Menulislah agar Engkau Dikenal Dunia

  Halo, para penerus gemilang masa depan! Kalian adalah cahaya yang akan menerangi dunia ini dengan impian dan prestasi kalian. Ada dua senj...