Sabtu, 14 Juli 2018

Pernak-pernik kajian Kyai Haji Hasan Mustofa

Hasil gambar untuk haji hasan mustapa


Sateuacana ngabeberkeun carita, simkuring nuhun ampun nyaparalun, neda hampura nu diteda, boh bilih aya nu lepat dina carita atawa tulisana, bubuhan kuring jalmi teungarti, lain rek mamatahan hayam nitah ngojay ka meri, bubuhan kuring urang sunda, nu mika cinta kakabudayaan sunda jeung deui hayang apal ka tokoh-tokoh nu aya di tatar sunda.

Ieumah ngansaukur catur nu kapungkur carita nu mangsa bahela ngan dipedar deui mangsa  ayena dina riungan paguyuban Barudak Aqfil, ngeunaan saurang tokoh pujangga sunda, nu geus kaceluk  ka awun-awun, ka koncara ka janatria, ka jamparing angin-angin, nya nu katelah Namina Mama Kyai Haji Hasan Mustofa, khususnamah ngaguar dina dangdingna (pupuh-pupuh) nu pinuh ku silib sindir, sindang siloka, mungguhing anjeunamah di sagedengeun ahli agama kana sastra oge geus masagi.


Dina paguyuban ieu sok sanajan di campuran kusempal kapiguyon gogojakan, (bubuhan da urang sunda). sok sanajan bari heureuy di jerona pinuh ku obrolan nu aya pakuat pakaitna jeung Mama Kyai Hasan Mustofa (nu keur di guar). Di antarana ngeunaan kahirupan jalma nu kumelendang di alam marcapa, antara jalma sasama jalma, jeung antara jalama jeung nu kawasa.

Nu mangsa ayena keur diguar ngeunaan Sasaka Ka Islaman. cag.. urang teundeun di haleudeum sieum urang tunda dihajuang siam paranti nyokot ninggalkeun, mangsa datang urang teang. dicekapkeun sakieu heula tulisan ti simkuring sanes waktos disambung deui panjang lebarna ngeunaan Mama Kyai Haji Hasan Mustofa. ieu mah nga ukur bubuka catur nu bakal kapayun kahatur ngeunaan Pupuh Kinanti Ngahurun Balung

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Membacalah agar Kau Mengenal Dunia, Menulislah agar Engkau Dikenal Dunia

  Halo, para penerus gemilang masa depan! Kalian adalah cahaya yang akan menerangi dunia ini dengan impian dan prestasi kalian. Ada dua senj...