Sabtu, 14 Juli 2018

KH HASAN MUSTOFHA ISLAM TI KENCAN

Nyucruk galur nu kapungkur mapaya carita nu baheula, cunduk waktu ninggang kamangsa, ayena kuring jeung kurung seja deudeuheus, amitan kanu marengan, mohokeun kabodoan simkuring pikeun ngaguar nu geus di pedar mangsa kamari, ngeunaan sasaka di kaislaman jeung pupuh HHM, kinanti ngahurun balung. Sok sanajan kuring oge rumasa jadi jalma nu tuna ti pangabisa, ngan kuring ngabogaan sifat sok panasaran (ka asup sombong teu nya?) lepas ti sombong atawa henteu, kuring ngabogaan tekad hayang nepi ka wanoh jeung eta tokoh, jajauheun ari nepi ka ngartimah. mangsa kamari barudak paguyuban ngaguar sasaka di kaIslaman, gumelarna dina rasa ka-islaman nu di bagi ku dua bagian,  ceuk HHM nyaeta: gumelar dina rasa ka Islaman (ti Kenca, Perbawa Iblis), jeung gumelar dina rasa KaIslaman (ti Katuhu, Perbawa Kapangeranan), kulantaran kitu kuring amitan punten pisan sanes bade nyombongkeun sumawona nyanyahoananmah, ieu ngansukur pamadegan kuring, mun bener nya sukur, mun salah wayahna nyuhun dimaklum da ieumah ngansaukur ngira-ngira.

Bisimilah Hirohman Nirohim,
di luhur geus di carita ceuk HHM nyaeta: gumelar dina rasa ka Islaman (ti Kenca, Perbawa Iblis), jeung gumelar dina kaIslam (ti Katuhu, Perbawa Kapangeranan), ayena urang guar Hiji- hiji, urang pedar nu gumelar dina rasa kaIslam (ti Kenca, Perbawa Iblis) heula naon nu di maksud ku anjeuna ngeunan gumelar dina ka Islam (ti Kenca, Perbawa Iblis)?, mun aya nu nanya kuring pasti gampang pisan ngajawabna, "Teu Nyaho" heuh apa kuringmah lain ajeuna, ngan kuring ngabogaan kira-kira: jigana nu dimaksud ku anjeuna,


Gumelar dina ka Islaman (ti Kenca, Perbawa Iblis) teh kieu meureun :Barang brag gumelar dina rasa ka-Islaman, ku perbawaning Iblis ti kenca, wawatekna belet, guru bukti saharita: Kumaha? Hade lampahkeun atawa montong? Tapi buktina sarua bae, anu ngalakonan henteu jadi untung, anggur sahadena jalma kaparentah batur, ku badan tambah hina ngalakonan nu taya kauntunganana, anggur matak rugi: badan diruksak kangeunahanana. Banda dikaluarkeun taya kagunaanana. Dening kolot atawa guru atawa ulama, meureun bae da ngarah aing ulah mancangah, supaya boga kaserab. Balukarna banda loba dikurangan, badan mulya dihinaan, rasa keur ngeunah disangsara, padahal taya ladangna. Ari. urang nu disiar, kauntungan kamulyaan. Turug-turug kolot sok nyaritakeun barang nu taya buktina, majar eta gawe dipuji’ ku Gusti Allah, timbalan ‘Rosululloh, aya dina Qur’an, bawa Malaikat Jabrail. Tuluy nyaritakeun poe panganggeusan, papasten ngeunah jeung teu ngeunah, eta ti Allah ta’ala. Padahal diandel kitu, hanteu diandel kitu keneh, sumawonna ana nyaritakeun naon-naon nu hanteu katenjo ku mata, hanteu kadenge ku ceuli, hanteu karasa ku rasa, eta mah beuki mutuh teu perluna; dene kapanggih atawa karasa eta mah montong dicaritakeun deui, da manehna ge nyaritakeun beja dibejakeun deui. Lamun aya, tanda untung anu ngandel, rugi nu hanteu ngandel; meujeuhna urang milih-milih, mana anu jadi kauntungan?

Lebah dieu batan maju anggur mundur kana kufur, tina ngawula ku badan, tina ngawula ku ati. Lamun henteu digugu, dedewa moal weleh-weleh engke ngagokan dina gelaran iman. Rasakeun bae hanteu beunang di dieu sugan di ditu, da bongan wangkelang henteu beunang ku pituah nu ngeunah. Rasakeun bae da moal burung ngulampreng deui ka dieu, satungtung hirup mah.

kuring :
Dina mangsa urang asup dina rasa kaIslaman ku perbawaning Iblis ti kenca, watekna bodo,rasa percaya atawa yakin ka rasa kaIslamana, eta lain kaluar tina dasar kasadaran diri sorangan, tapi rasa eta timbul kulantaran aya nu dipikaserab, nutur keun catur nu ti kolot  atawa bisa oge kulantaran disingsieunan,(Balukarna banda loba dikurangan) mun ngaluarkeun banda nu diparentah sok kadangkalana lain kusabab sadar, tapi kaluar ti rasa era "piraku aing teu bisa",(badan mulya dihinaan) jigana maksudna teh ka puasa naha hanang jeung lapar tapi lain kaluar tina kasadaran kaluarna tina sarua jeung rasa tadi "piraku aing teu bisa", (rasa keur ngeunah disangsara) tah mun ieumah can kapikir mudah-mudahan aya saderek nu kersa mangjawabkeun. ongkohmah hayang meunang kamulyaan, tapi malahan ngadeukeutan kana ka kufur'an, malahan kadang-kadang sok mawa karep sorangan (Wangkelang),  nu geus di wahyukeun Ti Pangeran ka Rosululloh ngalangkungan malaikat Jibril di terangkeun dina al-Qur'an, lamun badan sakujur jeung ati masih salah ngaraskeun dina ka Islaman boa- boa moal bisa nepi kanu disebut Iman, ngan sugan wae teu kapanggih didieu ke diditu kapanggihna. Kitu meureun nu kapanggih atawa kapikir ku kuring ngeunaan maksud HHM gumelarna rasa dina KaIslaman (ti Kenca, Perbawa Iblis), sakali deui neda hampura nu diteda mun salah dina ngira-ngira, da timimiti oge kuring geus ngarumaskeun bodo jeung geus sanduk-sanduk nyuhunkeun maklum. Saeuncana urang mancat kana gumelarna rasa dina KaIslaman (ti Katuhu, Perbawa Kapangeranan) urang e cag keun....ngan dugi kadieu heula. Nu salajengna ..Islam (ti Katuhu, Perbawa Kapangeranan)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Membacalah agar Kau Mengenal Dunia, Menulislah agar Engkau Dikenal Dunia

  Halo, para penerus gemilang masa depan! Kalian adalah cahaya yang akan menerangi dunia ini dengan impian dan prestasi kalian. Ada dua senj...