Remis janari mimiti turun, nandakeun mangsa nu geus ngagayuh kana janari gede nu bakal disususl ku janari gede antukna jleg neupi ka poe isuk. Sanjan wanci geus janari leutik kuring acan keneh bisa sare aki jeung nini petunduheun jiga nu embung ngadeketan kuring gerentes hate manehna, geleberna jeung sorana manuk koreak jiga nu keur nitennan pagawean nu keur dipigawena, ret kana pagawean nu euweuh beresna ret deui kana jam nu nalapok handapeun meja. Gerendeng manehna ngageretes “ beu…hirup..) ngan sakitu nu di gerenteskeun na hatena.
Clo..!! pagawean ditunda pikiran manehna kumalayang rus-ras kaditu kadieu, beleyeh seuri, jiga nu keur ngalayang ka mangsa manehna meunang kabungah..ngegerentes deui “asa kunikmatnya mun hirup jiga kitu diteruskeun..nganhanjakal…”. beu kawas nu moal manggihan modar wae ceuk gerentes manehna keneh ninggang sadar”. Tapi sok sanjan kitu oge piraku hirup teh leumpeng wae, mun kitumah ngalanggar kodrat apan bener jeung salah geus diciptakeun pikeun pakeana manusa ngagerentes deui dina hate nu kapangaruhan ku nafsuna.
Golehe manehna ngagoler bari angger pitunduheun can keneh nyanding” galecok deui hate manehna ngagalecok jiga nu keur gunumen catur’ ceuk hate hiji keu ceuk hate nu hijina deui mendingan kieu, antukna pusing mikiranna kulantaran masing-masing pada mawa pamadegan sewang-sewangan ana lamun dileunyeupan aya beneran kabehna oge”. Beu jadi inget omongan nu jadi guru gerentes manehna” kawas iklan dina TIVI BERANI KOTOR ITU BAIK hueheuheuhe manehna seuri sorangan” kaharti ayenamah ceuk manehna.
Aeh…heuh apa rek aya nu di tanyakeun kanu jadi guru the ngeunaan diri kuring sorangan, ke ah mangsa carangcang tihangmah poe isukan kuring rek nemonan suga kuriang aya waktu jeung ajena oge aya waktu. Gerentes hate manehna”. Sanggeus reug-reugmah hate manehna tuluy we kacai.” rek diniatan ah sugan-jeung sugan aya hidayah rek ngamimitian deui ngadeketkeun ka pangeran” da kuring oge masih boga hak keur khusunul khotimah” hatena ngagerentes deui. Mudah-mudahan geus ngedeketna pangeranmah bisa datang pitunduheun teh.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar