Rabu, 04 Juli 2018

MANTRA SAJAK (BUBUKA SILOKA)

BUBUKA SILOKA

Sampurasun...
Amitan kanu gaduh pangacian anu ngaruncang
Seja ngaguar laratan sungkemeun kana lamunan
Sampurasun karumuhun ka seweu siwi Siliwangi
Anu murba di Padjajaran gelarna nyebar wawangi


Simbulna urang teuleuman ku geter sipatahunan
Simbolna urang tataran ku laratan jeung harepan
Ngembat laratan katampian pangauban pundung
Pangjiad jeung pangraksa ka hate kapigandrung

Padungdengan ngabuka tutungkusan nu kahalang
Kaliliwatan kupipinding na awi ngajadi karinding
Siloka gumelarna anu nyata atra setra kanti sukma
Natrat dina batu tulis titis tulis maca uga na waruga

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Membacalah agar Kau Mengenal Dunia, Menulislah agar Engkau Dikenal Dunia

  Halo, para penerus gemilang masa depan! Kalian adalah cahaya yang akan menerangi dunia ini dengan impian dan prestasi kalian. Ada dua senj...