KATA PANGJAJAP
NU RINGRANG DI ALAM
KALANGGENGAN
Assalamualaikum
Wr. Wb.
Pun
Sampurasun….!!!
Ti saprak dipenta nulis runtayan kalimat
pangjajap ku anu nulis ieu buku, kuring ngarenghap narik napas panjang. Ek teu
kitu kumaha, sareretan waktu sakaca, dua kaca, tilu kaca dibaca eusi ieu buku,
bet kalah muriding muringkak bulu punduk. Asa keur maca wangsit atawa karuhun
nu keur cumarita sanajan lolobana mah teu ieuh kaharti naon maksudna.
Kusabab keukeuh pangarangna menta sangkan
kuring nyieun runtayan kalimah pangjajap, kapaksa kuring menta pangarang
ngajelaskan maksud saban bait tina sajak anu aya dina ieu buku. Rey, rey, awak
kalah ngararey,
kulit ngadadak jaradi jiga nu barentus dibarengan ku bulu
punduk pating puringkak.
Untungna kituna teh ukur sakedapan. Bener
sangkaan kuring, nyatana aya bau harewos bojong, nu nyambuang kana sabudeureun
awak. Teu lila, aya nu sumeleket dina hate, teterejelan hayang kedal. Kumaha
lamun ieu buku nepi ka leungeun anu maca, naha
ek nimbulkeun rasa anu sarua?
Ditanya kitu, pangarangna mah anteng bae malah
bari surungah
serengeh. Pokna, keun bae da lamun geus mimiti dibaca bakal asa ngawakong jeung
diri sorangan. Naon maksud, buku sajak ieu mangrupakeun itung-itung harewos ti
alam kalanggengan kanu keur ngaheuyeuk dayeuh ngolah urusan alam marcapada.
Mimpit amit ngala menta,
ngolah rumasa
Ngaji diri ti mangsa kiwari
muput nu sajati
Maca rasa kana rasa, maca
raga kana raga
Nganjang kana raga nu henteu
kumawasa
Neda ampun nyaparalun,
Sampurasun karumuhung
Lalampahan muru ngalarung
angkara nu ngaberung
Ngusik-ngusik macan turuna,
ngusik ula mandina
Bubuara seba di marcapada,
Hirup pasti aya galurna
(Nyaliksik Diri h…)
Saperti, ceuk dina salah sahiji katerangan
dina syareat Islam netelakeun yen loba jalma soleh anu maotna disebut syahid
teh nyatana mah teu maot. Malah ku Alloh Pangeran nu murbeng alam disebutkeun
yang aranjeuna masih jumeneng tur masih dipaparin rejeki persis saperti
kalolobaan jalmi anu masih gumelar di alam marcapada. Ku kituna, pasti teu aneh
lamun para karuhun anu parantos ngantunkeun ti payun masih paduli jeung malah
mere beja sakur totonden anu katampa ku panca indera.
Nyi Ronggeng manggung jadi
cirina cimanuk arum
Jampang manggung ngaguar
cikapundung-citarum
Sinjang kebat sasakala nu
rumasa jadi kala baralak
Satria lunta tina tuna
kabisa pancawala seja bumela
(Ruwatan Manglayang h…)
Ragragna uga dina mangsa
harita lain harti muara bakal sulaya
Babasan ngandung siloka
keur bacaeun balarea mangsa ayeuna
Dwikrama ngabahudenda dina
carita gubragna uga katalangsara
Mungguhing marcapada
tempatna siloka, mawa angkaramurka
(Sancang
Na Manglayang h….)
Sindir nu jadi ciri ti
kamari, Siloka nu jadi nyata ayeuna
Balabar sangka sinatria
sukma anu ngarasa tunggara
Bubuara di alam marcapada
jangkar baya kena lara
Mangsa Mundinglaya Dikusuma
hamo ulah jadi karma
(Resi
Manglayang h….)
Tri Tangtu di Buana
mangrupa siloka nyata nu katara
Saptapuraga guritana trisula nyata raja salakanagara
Sastrajingga ungkara basa sinjang rasa ngabahudenda
Ragamulya napak mangsana ubah uga marcapada
Saptapuraga guritana trisula nyata raja salakanagara
Sastrajingga ungkara basa sinjang rasa ngabahudenda
Ragamulya napak mangsana ubah uga marcapada
(Sinatria
Buana h….)
Bait-bait sajakna memang rada aneh dina hartos
beda ti nu lian. Jeung deui, lamun ditengetan hiji-hiji malah mun diteuleuman
make rasa, tinangtu sakumna nu maca bakal ngarasa yen asa para karuhun anu
parantos ngantunkeun ti payun nu nyarita ngaliwatan sajak-sajak dina buku ieu
jeung deui jiga anu ngabejaan malah mertelakeun totonden anu seuseurna mah sok
dilalaworekeun ku manusa mangsa ayeuna. Ku sabab kitu, teu aya salahna atawa
tinangtu ieu buku bakal loba mangfaatna keur nu maca, bari komo deui jeung make
rasa.
Mangprang mancak medan danalaga masang raga bitotama
Tunggang jaran mapak mega bodas dina sadapan harepan
Satria kinayungan siger tengah ngawaruga wanoja
pancerna
Natrat jelas hideung bodas kontrasna warna kahirupan
dunya
(Srikandi Eyang Haji h…)
Ditatar reujeung dipulut ku asih juru puhawang
Balungbungan midua rahayu dina mumunggang
Balungbungan midua rahayu dina mumunggang
Simpen cing rikip, ditunda na hanjuang moal diteang
Simpen sing pageuh dina handeuleum moal diruncang
Waluya
Jati ……. Rahayu.
(Wekasan h….)
Dina salah sahiji ajaran Filsafat anu
ditetelakeun ku Ibn Arobi, aya anu disebuut elmu Hudhuri jeung Elmu Hushuli.
Gampangna, Elmu Hudhuri bisa dihartikeun lain ukur migawe syareatna (Hushuli)
tapi nu mere syareatna oge datang milu icikibung dina diri urang. Kusabab kitu,
salian ti gampang kaharti, tapi oge bisa langsung dilaksanakeun jeung
prak-prakana. Malah ku datangna/hadirna anu disebut hudhuri tea, pangaruhna
nyata pisan ka diri urang.
Pangaruhna eta bisa katingali dina bag-bagan
kahirupan. Jalma nu ukur nepi kana syareat, kahirupanna teu beda jeung
jalma-jalma biasa laina. Contona, salah saurang katingali taat ngajalankeun
ritual, tapi ritualna eta teu aya pangaruh kana kahirupan sapopena sabab sarua
bae jeung anu tara ngalaksanakeun syareta.
Sedengkeun, jalma nu geus nepi kana hakekat
komo marifat, tinangtu lain ukur taat kana ngalaksanakeun rupa-rupa syareat,
tapi dina kahirupan sapopoena bakal katingali dina bentuk, welas asih ka
sasami, hormat jeung patuh kana pituah para sepuh, oge tara ieuh cieut kanu
beureum komo deui ponteng kanu koneng.
Mugia ku ayana ieu buku nu mangrupakeun
kumpulan sajak, salian bakal nambah khazanah kaelmuan kasundaan, oge tiasa
nganteur ka sakumna nu maca anu seja ngaguar rahasia kahirupan para karuhun di
alam kalanggeungan jeung harewos bojong anu ditepikeunanan. Cag………!
Mangga diantos kaluaran buku anu judulna " MANTRA SAJAK"
Wassalamualaikum
Wr. Wb.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar